SINOPSIS FILM MIRACLE IN CELL NO .7 DALAM BAHASA SUNDA

Film ieu nyaritakeun ngeunaan bapak nu ngaranna Dodo Rozak,manéhna tukang balon anu ngagaduhan keterbelakangan méntal.Dodo boga anak awéwé nu ngaranna Kartika, biasa disebut Ika, dodo nyaah pisan ka Ika. dina hiji poé Dodo aya di hareupeun imah pajabat nu anakna keur ulang taun, aya kajadian nu teu disangka-sangka , anak pajabat nu ngaranna Melati maot, pembantu nu gawédi imah eta ningali Dodo aya di deukeut Melati nu ges maot. Dodo dituduh merkosa jeung maehan melati .Dodo ditéwak ku pulisi terus dibui. Di dinya, Dodo papanggih jeung tawanan séjénna, nyaéta Japra Effendi atawa Mandor, Zaki, Yunus atawa Bewok, Atmoatawa Gepeng, Asrul atawa Bule. Tadina maranéhna teu akur jeung Dodo, tapi kusabab Dodo nyalametkeun Japra, maranéhna jadi raket jeung jadi dulur, sabab Dodo nyalametkeun Japra, Japra bakal ngabulkeun kahayangna, Dodo ménta panggih jeung anakna Ika, tuluy waktu aya acara kaagamaan di panjara, Kartika diselundupkeun ka jero sél. Dodo bungah pisan papanggih Ika. Sanggeus sababaraha poé Kartika aya di jero sél, ahirna kapanggih ku sifir Pak Hendro Sanusi, Hendro ngahukum Dodo sarta misahkeun manéhna ti Kartika.harita aya kahuruan di panjara, Pa Hendro pingsan sarta kajebak di jero, tapi Dodotiasa nyalametkeun Pa Hendra. Pak Hendra ahirna sadar yén teu mungkin jalma numikanyaah kawas dodo maéhan budak leutik, utamana mah manéhna ogé boga anak awewe jeung mikanyaah pisan ka anakna Ahirna kabeneran kaungkap, ternyata lain dodo nu maéhanmelati, tapi melati maot teu kahaja ku lantaran cilaka. Sadayana narapidana di panjara nyaho yén Dodo éta teu bersalah.Pak Hendra ngajukeun banding ka gugatan Dodo, tapi hasilna nihil, Dodo kapaksa ngabohong kusabab diancam Kartika bakal dipaehan, ahirna Dodo dihukum maot 20 taun ti harita Kartika geus dewasa, Kartika geus jadipangacara anu hebat. Saterusna Kartika ngajukeun sidang ulang ngeunaan perkara Dodo 20 taun katukang, sarta ngabuktikeunyén Dodo teu salah, ahirna Dodo kabuktian teu salah jeung ngajadikeun ngaran dodo bersih dei.

Komentar

Postingan populer dari blog ini

CONTOH BERITA DALAM BAHASA INGGRIS